PENGIKUT

Ummi ku

Ummi ku
Umah Rina Anggraeni
Diberdayakan oleh Blogger.

waktu usia 2 tahun

waktu usia 2 tahun
Nawaal alzagheby

waktu usia 2 tahun

waktu usia 2 tahun
Gayaku kerenkan...hehehehe...

Allohu Alloh Ya Robbana Robbi Waj`alna Minal Akhyar

KATA MUTIARA

KALENDER

JAM

ASMAUL HUSNA

Selasa, 31 Agustus 2010

Matahari Pecah menjadi 4 di negri cina

Batal-Batalna Sholat


Perkara anu ngabatalkeun kana sholat eta aya 20 :

1. Hadats gede atawa hadats leutik naha dihaja atawa hanteu dihaja

2. Papanggihna najis anu hanteu di ma`fu ( dihampura ) naha baseuh atawa garing dina pakeanna atawa badanna kalayan hanteu aya ngaleungitkeun saharita

3. Ngahaja muka orat sok sanajan ditutup deui nalika eta, atawa hanteu dihaja namung hanteu langsung ditutup. Anapon lamun muka orat eta hanteu dihaja ( poho ) jeung langsung ditutup mangka sholatna hanteu batal

4. Ngahaja ngomong 2 huruf sok sanajan hanteu mahamkeun atawa sahuruf anu ngamahamkeun salian mangrupa al-qur`an, dzikir jeung doa. Tatapina cariosan anu saeutik nyatana sawateus 6 kalimah atawa leuwih saeutik anu terlanjur tina lisan musholli ( diluar ikhtiyarna ) atawa musholli anu nyarios eta poho yen dirina keur migawe sholat atawa manehna hanteu nyaho yen nyarios dina waktu sholat eta haram jeung manehna kaasup jalma anu ma`dzur ( dihampura ) saperti sabab manehna hirup di pakampungan anu jauh ti u`lama atawa sabab manehna kakara asup islam, mangka sakabeh eta hanteu mangaruhan kana shahna sholat dina harti hanteu ngabatalkeun.

5. Pagawean anu loba numutkeun uruf , saperti :

a. 3 lengkah atawa 3 tenggeulan anu tuluy tumuluy, maksadna antara pagawean anu kahiji jeung anu kadua terjadi dina zaman anu kurang tina saroka`at anu gancang. benteun lamun hanteu tuluy-tumuluy, hartina jarak antara pagawean anu kahiji jeung anu kadua sakitar zaman ( lila ) sholat saroka`at mangka hal eta hanteu ngabatalkeun sholat

b. Luncat

c. Ngageurak-geurakkeun sakabeh badan sok sanajan teu mindahkeun dampal suku

6. Ngabalieur tina jihat qiblat, ka katuhu atawa ka kenca sok sanajan kalayan dadana sahingga umpamana musholli dipaksa ku jalma sejen pikeun ngabalieur tina qiblat tuluy manehna langsung balik deui saharita mangka hal eta hanteu ngabatalkeun.

7. Migawe perkara anu ngabatalkeun puasa saperti tuang, ngaleueut sakeudik atawa seueur anu di haja atawa ngasupkeun kai jeung sajinisna tina sungut, ceuli, dubur atawa kana liang anu tembus kana beuteung sok sanajan mung sakeudik jeung kalayan teu aya ngageurak-geurakkeun sungut sabab ngageurak-geurakkeun sungut eta nyalira kaasup pagawean anu lamun loba bisa ngabatalkeun sholat saperti nyapek

8. Dahar jeung nginum anu loba numutkeun uruf dina kaayaan poho yen dirina keur migawe sholat atawa sabab dipaksa jeung atawa sabab manehna hanteu nyaho yen dahar jeung nginum eta haram dina waktu sholat sarta musholli ka asup jalma anu ma`dzur, maksadna manehna kakara asup islam atawa hirupna jauh ti u`lama jadi tina katerangan didieu ( no.8 ) jeung samemehna bisa ditarik kasimpulan yen sadaya anu bisa ngabatalkeun puasa oge bisa ngabatalkeun sholat kajaba dahar jeung nginum anu loba dina kaayaan poho atawa hanteu nyaho kaharamanna jeung atawa dipaksa ( maksadna lamun dina sholat batal sedeng dina puasa hanteu batal ).

Anapon bedana sholat jeung puasa ditingali tina bisa batalna sholat kalayan sabab dahar jeung nginum sedengkeun puasa hanteu batal. nyaeta jalma anu puasa eta hanteu dianggap balangah ( sembrono ) kalayan dahar jeung nginum tadi, sabab dina i`badah puasa eta hanteu aya bentuk pagawean anu bisa ngingeutkeunna kalayan sholat, lamun sholat ngabogaan haiat atawa bentuk rapih saperti takbir, ruku, i`tidal, dsb. Sedeungkeun pagawean anu loba eta bisa megatkeun susunan sholat.

Anapon lamun musholli dahar jeung nginum saeutik eta dina kaayaan poho atawa hanteu nyaho jeung ma`dzur ( kakara asup islam atawa jauh ti u`lama ) mangka sholatna tetep sah , lain halna musholli anu dipaksa pikeun dahar jeung nginum mangka sholatna batal, sabab jarang pisan kajadian pamaksaan dahar atawa nginum nalika sholat.

9. Seuri nyakakak, ceurik, niup, humarurung, ngaduh ( ngomong aduh-aduh ), batuk ngadehem, bersin atawa heuay. Sakabeh eta lamun hanteu kaayaan kapaksa bisa ngabatalkeun sholatlamun tembong kaluar dua huruf tapi lamun dina kaayaan kapaksa jeung nyata tembong perkara huruf namung sakeudik, maksadna lamun di kumpulkeun hanteu leuwih 6 kalimah mangka hal eta hanteu mangaruhan kana sholat. Lain halna lamun niup jeung sajenisna eta tembong jeung ngabentuk huruf anu loba mangka sakabeh eta bisa ngabatalkeun kana sholat, salian ngadehem nalika maca Fatihah atawa tahiyyat akhir, lamun hanteu mungkin maca kaduana kalayan lalaunan anu disababkeun bulghom ( leuleueur ) atawa lianna mangka ngadehem saperti eta sok sanajan tembong jeung ngabentuk huruf anu loba hukumna dihampura

10. Megatkeun Rukun sholat kalayan ngahaja saperti musholli i`tidal samemeh sampurnana ruku` atawa ngahaja sujud samemeh sampurna i`tidal atawa ngahaja diuk pikeun tahiyyat samemeh sampurna sujud anu kadua , tatapina lamun musholli poho tuluy manehna ingeut samemeh migawe rukun anu sarua kalayan rukun anu manehna tinggalkeun tadi, mangka musholli muhareup langsung nyusulan atawa migawe rukun anu kapegat atawa dipigawe kalayan hanteu sampurna tadi . lamun ingeutna sanggeus migawe rukun anu sarua reujeung rukun anu di tinggalkeun tadi dina rokaat berikutna mangka musholli kudu balik deui dina tempatna rukun tadi pikeun migawena kalayan sampurna, sedengkeun pagawean-pagawean diantara dua rukun eta hanteu di anggap atanapi sia-sia bae.

11. Nambah rukun Fi`li ( pagawean ) kalayan ngahaja saperti nambah ruku` atawa sujud pikeun salian ma`mum masbuq sabab turut ma imamna . tapi lamun musholli poho yen manehna migawe pagawean anu sarua reujeung anu geus dipigawe ( di bolak-balik ) mangka sholatna hanteu batal . anapon ngabulak-balik rukun qouli ( ucapan ) salian takbirotul ihrom saperti ngabalikeun deui bacaan fatihah atawa tahiyyat hanteu ngabatalkeun sholat.

12. Ngahaja manjangkeun rukun anu pondok ( rukun anu pondok nyaeta i`tidal jeung diuk diantara 2 sujud ) . watesan manjangkeun nyaeta manjangkeun i`tidal kalayan nambah du`a anu biasa kalaku dina i`tidal sahingga panjangna sarua reujeung perkiraan bacaan fatihah, jeung manjangkeun diuk diantara 2 sujud kalayan nambah dzikir anu geus kalaku sahingga lilana sarua reujeung lilana paling sakeudikna tahiyyat. Namung lamun nambihna dihandap wates-wates di luhur mangka sholatna tetep sah.

13. Ngahaja ma`mum hayang tinggaleun ti imam kalayan dua rukun fi`li kalayan hanteu aya udzur anu ngameunangkeunna

14. Miheulaanna ma`mum ka imam kalayan dua rukun fi`li kalayan hanteu aya udzur jeung dihaja.

15. Murtad nyatana megatkeun islam kalayan omongan atawa pagawean atawa i`tiqod, urang nuhunkeun panyalindungan ka Alloh mudah-mudahan di jauhkeun tina murtad . Aaaaaamiiiin.

16. Tembongna sabagean suku anu ditutupan sapatu atawa beakna waktu meunangna ngusap sapatu sabab batalna sabageab susucina musholli

17. Mangmang dina niat atawa mangmang dina sabagean syarat-syaratna sholat anu aya atawa mangmang ngeunaan naon manehna niat sholat zhuhur atawa ashar jeung waktu mangmangna eta sahingga nepi perkiraan thuma`ninah sarta hal eta kajadian dina waktu sholat. Namung lamun mang-mang eta langsung lengit saharita, mangka sholatna tetep dianggap sah.

18. Niat kaluar tina sholat samemeh sholat, naha kaluar saharita atawa saperti : sapaantos tiasa sarokaat kaula bakal kaluar tina sholat, maka sholatna bakal batal saharita eta oge sakumaha jalma anu niat bakal kufur isuk-isuk, mangka saharita oge manehna jadi kafir.

19. Mangmang dina megatkeun sholat. Jadi salagi musholli mangmang mangka sholatna batal.

20. Mengkolkeun niatna hiji sholat dina sholat anu sejen, naha eta sholat fardhu atawa sholat sunnah.tatapina lamun musholli keur sholat sorangan jeung manehna ningali jalma-jalma anu sholat berjamaah, mangka disunatkeun pikeun musholli tadi pikeun mengkolkeun sholat fardhu kana sholat sunat mutlaq, tujuanna supaya supaya menangkeun fadhillah berjamaah kalayan nuturkeun 6 syarat sakumaha anu bade di tutur :

1. Jelas bakal nuturkeun waktu pikeun nyampurnakeun sholat tadi lamun malikanna deui ti hareup , lamun hanteu mangka haram mengkolkeun sholat tadi.

2. Sholat fardhu anu dipigawe mangrupikeun sholat anu 3atawa 4 rokaat. Sedengkeun sholat anu 2 rokaat hanteu di sunatkeun mengkolkeun bahkan hukumna jawaz ( meunang ) kalayan aleusan sabab sunah mutlaq eta meunang diringkeus sarokaat.

3. Si musholli bakal ngasupan rokaat anu katllu. Jadi lamun musholli geus ngasupan rokaat katilu tina sholat fardhu anu tilu atawa 4 rokaat, mangka hanteu di sunatkeun mengkolkeun bahkan mung meunang.

4. Hanteu mihareup ayana jamaah deui salian jamaah anu geus aya. Jadi lamun mihareup ayana jamaah deui, mangka mengkolkeun niat hanteu disunatkeun bahkan mung kengeng.

5. Imamna hanteu kagolong jalma anu ahli bid`ah ( perkara anyar dina agama ) jadi hanteu disunatkeun mengkolkeun niat fardhu kana sunat lamun imamna ahli bid`ah bahkan hukumna makruh.

6. Sholat anu di pigawe kaasup sholat anu di anjurkeun berjamaah, lamun anu dipigawe nyaeta sholat faitah ( geus liwat waktu ayana ) jeung keur berjamaah kalayan imam anu sholat hadiroh ( aya ) atawa sholat faitah anu hanteu sajenis, mangka hanteu meunag mengkolkeun niat faitahna dina sholat sunah.tatapina lamun jamaah anu rek dituturkeun nyaeta sarua faitah anu sajenis saperti sholat zduhur kalayan sholat zhuhur atawa sholat ashar kalayan sholat ashar mangka meunang mengkolkeun sholatna salagi sholat faitah anu dipigawena eta hanteu wajib qodho` kalayan gancang, tatapina lamun faitah eta wajib dipigawe gancang mangka haram mengkolkeunna.lamun musholli dina waktu migawe sholat faitah hawatir tinggaleun migawe sholat hadiroh mangka hukumna wajib mengkolkeun tina sholat faitah dina sholat sunah.

Tina uraian diluhur bisa dikanyahokeun yen ngabalikeun atawa mengkolkeun sholat fardhu dina sholat nafl ( sunah ) terkadang hukumna sunat,haram, makruh jeung jawaz ( meunang )

( Tanwirul Qulub hal.147 nepika 150 )

Makruh-Makruh Sholat

Sababaraha pagawean anu makruh dina sholat :
1. Ngasupkeun dua leungeun kajero baju nalika takbirotul ihrom, sujud jeung ruku` sabab bisa
ngeuweuhkeun kana handap asor ( kamakruhan ieu khusus pikeun lalaki )

2. Ngalieuk kalayan teu aya pangabutuh ( Hajat ) sabab dumasar kana hadits bukhori katampi ti sitti A`isyah ra. Kantos ngadawuh :
سَأَلْتُ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : عَنِ اْلإِلْتِفَاتِ فِى الصَّلَاةِ فَقَالَ هُوَ إِحْتِلَاسٌ يَحْتَلِسُهُ الشَّيْطَانُ مِنْ صَلَاةِ اْلعَبْدِ
“ Kaula tumaros ka rosululloh saw. Ngeunaan ngalieuk nalika sholat.
Rosululloh saw, ngawaleur : ngalieuk dina sholat ngandung harti jalma anu migawena geus
dicopet konsentrasina ku syetan.”
3. Mere isyarat anu mahamkeun kalayan hanteu aya hajat saperti isyarat kalayan soca, halis atawa
biwir sok sanajan jalma pireu, bahkan numutkeun sapalih u`lama isyarat kalayan halis atawa biwir bisa ngabatalkeun sholat . isyarat anu dihukuman makruh ieu lamun teu aya unsur heureuy, jadi lamun heureuy mangka sholatna batal , lain halna lamun aya hajat saperti ngawaleur salam maka isyarat anu samodel kitu hanteu di hukuman makruh.

4. Narikeun sora dina sholat anu sakuduna hanteu ditarikeun ( lalaunan ) atawa sabalikna jeung
atawa narikeun sora ditukangeun imam sabab sakabeh eta patojaiyah jeung sunnah Nabi Saw.

5. Melak cangkeng ( ikhtishor ) maksadna nyimpeun lengeun dina cangkeng sabab aya larangan dina hadits bukhori muslim

6. Gagancangan dina migawe sholat sabab hal eta bisa ngaleungitkeun kakhusyuan


7. Mereumkeun panon sabab pagawean urang yahudi

8. Neupungkeun 2 leungeun kana kekemplong nalika ruku`jeung sujud atawa nepungkeun beuteung kana 2 pingping nalika ruku` jeung sujud sabab patojaiyah rejeung sunnah Nabi saw.


9. Diuk Iq`a ( cingogo ) saperti cingogona gogog maksudna diuk kalayan 2 bujurna ( imbit ) sabari ngajeugkeun dua tuurna sabab aya larangan hadits anu diriwayatkeun ku imam Hakim.

10. Sujud saperti manuk gagak nalika macokan kadaharan maksadna nimpeun tarang di luhur tempat sholat nalika sujud kalayan gagancangan , hal eta bisa ngaleungitkeun khusyu`


11. Meberkeun leungeun sakumaha anu dilakonan ku sato galak, maksadna nyimpeun dua lengeun bagean handap di luhur bumi dina waktu sujud , sabab aya larangan hadits muslim

12. Nempatan hiji tempat salian imam di mihrobna


13. Leuleuwiheun dina nurunkeun sirah nalika ruku`

14. Ngalamikeun tahiyyat awwal


15. Nyimpeun bagean tengahna solendang ( rida ) dihandap punduk katuhu sedeungkeun dua tungtungna aya diluhur punduk anu kenca

16. Nyilangkeun ramo-ramo hartina ngasupkeun ramo-ramo leungeun katuhu di sela-sela ramo anu kenca


17. Nurunkeun sarung sahingga anteul kana bumi

18. Sholat sabari nahan kahampangan, ngising jeung hitut


19. Sholat nalika kadaharan disayagikeun atawa dideukeutna kadaharan anu dipikahayang

20. Hanteu maca surat dina 2 rokaat kahiji tina saban sholat


21. Hanteu ngucapkeun takbir intiqol ( takbir nalika pindah tina hiji rukun kana rukun anu sejen )

22. Hanteu maca dzikirna ruku` i`tidal, sujud jeung diuk diantara dua sujud


23. Ngaleuwihan wateus thumaninah nalika diuk istirahat

24. Ninggalkeun bacaan doa`doa anu aya dina tahiyyat akhir


25. Nyiduh ka jihat hareup atawa ka katuhu sok sanajan diluar sholat , tapi lamun hanteu nyanghareup kiblat jeung aya diluar sholat, mangka nyiduh ka jihat hareup hanteu makruh. Makruhna nyiduh ieu lamun diluar masjid, jeung lamun di jero masjid, mangka haram halna mutlaq. Cara nyiduh di jero masjid eta diciduhkeun kana bagean pakeanna

26. Ngagulungkeun leungeun baju atawa ngagulungkeun pakean.


27. Ngusap raray dina waktu sholat jeung saeunggeusna.

28. Sholat di tempat mandi sok sanajan dibagean tempat ngaleupaskeun pakean


29. Sholat di jalan, pasar, kuburan, ditempat sajenis kandang, gereja jeung nalika bangeut tunduh

( no. 1s/p 17 Thuhfatut thullab hal.25 no.18s/p29 Tanwirul Qulub hal.146-147 )

Sabtu, 14 Agustus 2010

TENTANG SUNAT HAI`AT DI DALAM SHALAT


(فصل) فى بيان هيئات الصلاة
Ari ieu eta hiji fasal halna tetep dina mertelakeun pirang-pirang Sunat Haiat na migawe sholat

وأمّا الهيئات هي الأمور المسنونة غيرالأبعاض ومن ترك شيئا من الهيئات عمدا او سهوا لايسجد لها فلو سجد لتركها متعمّدا للسّجود بطلت صلاته إلاّ إن كان جاهلا معذورا بجهله أو بحديده بدخول الإسلام أو نشئه بعيدا عن العلماء

Anapon ari ngaran Sunat Haiat nyaeta pirang-pirang perkara anu disunatkeun anu salian sunat ab`ad, jeung saha-saha jalma anu ninggalkeun eta jalma kana hiji perkara tina sapalihna sunat Haiat halna ngahaja atawa poho maka hanteu kudu sujud sahwi eta jalma pikeun eta sunat haiat , maka lamun sujud sahwi eta jalma karana ninggalkeun sunat haiat halna ngahaja kana sujud sahwi maka batal sholatna, kajaba lamun bukti eta jalma eta anu bodo anu dihampura kalawan sabab kabodoanna eta jalma atawa kalawan sabab anyarna itu jalma kana asup islam atawa hirup itu jalma halna jauh ti u`lama.

إعلم أنّ الهيئات الصلاة عشرون: الأوّل يسن رفع اليدين عند تكبيرة الإحرام إلى حذو منكبيه
Kanyahokeun ku anjeun kana saestuna pirang-pirang Sunat Haiat Sholat eta aya 20 :
1.Disunatkeun ngangkat dua lengeun dina nalika takbirotul ihrom nepika meneran ( palebahan ) dua taktakna musholli

، والثاني رفع اليدين عند الركوع
والثالث رفع اليدين عند الإعتدال ،
والرابع رفع اليدين عند القيام من التشهد الأول ،
2. Ngangkat dua lengeun dina nalika ruku`
3. Ngangkat dua lengeun dina nalika I`tidal
4. Ngangkat dua lengeun dina nalika nangtung tina tahiyyat awal

والخامس وضع اليمين على الشمال ويكونان تحت صدره وفوق سرّته ،
5. Nendeun leungeun katuhu luhureun leungeun kenca jeung aya dua lengeunna eta dihandapeun dadana jeung luhureun bujalna musholli.

والسادس التوجّه عقب التحرّم ،
والسابع الاستعاذة بعد التوجّه ،
6. maca doa iftitah dina saba`da takbirotul ihrom
7. maca taudz dina saba`da maca doa iftitah

والثامن الجهر في موضوعه كفى الصبح وأولتي المغرب والعشاء ،
والتاسع الإسرار في موضوعه كفي الظهر والعصر ،
8. Narikeun bacaan dina tempatna tarik saperti dina sholat shubuh, dua roka`at mimiti tina sholat maghrib jeung i`sya
9. Ngalaunkeun bacaan tina tempatna laun saperti dina sholat zhuhur jeung a`shar

والعاشر التأمين عقب الفاتحة
، والحادي عشر قراءة السورة بعد الفاتحة ،
10. Maca Aaaaaamiiiin dina saba`da maca fatihah
11. Maca kana surat dina saba`da maca fatihah

والثاني عشر التكبيرات عند الخفض للركوع والرفع من الركوع ،
12.pirang-pirang takbir intiqol nalika turun kana rek ruku` jeung cengkat tina ruku

والثالث عشر قول سمع الله لمن حمده حين يرفع رأسه من بعد الركوع
13. Maca lafadz Sami`allohu liman hamidah dina nalika nyengkatkeun musholli kana sirahna musholli tina tos ruku`

والرابع عشر قول ربنا لك الحمد إذا انتصب قائما ،
14. maca robbana lakal hamdu…dimana ngadeug mushollihalna ngadeg temenan
والخامس عشر التسبيح في الركوع كقول سبحان ربّي العظيم ثلاثا ،

15. maca tasbih dina ruku saperti ucapan subhaana robbiyal a`zhiiiim kalawan 3x maca
والسادس عشر التسبيح في السجود كقول سبحان ربّي الأعلى ثلاثا ،
16. maca tasbih dina waktu sujud saperti ucapan subhaana robbiyal a`laa kalawan 3x maca
والسابع عشر وضع اليدين على الفخذين في الجلوس للتشهّد الأوّل والأخير يبسط اليدّ اليسرى بحيث تسامت رؤسها الركبة ويقبض أصابع اليدّ اليمنى إلاّ المسبحة من اليمنى فلا يقبضها فإنه يشير بها رافعا لهاحال كونه متشهدا وذلك عند قوله : إلاّ الله ولا يحرّكها فإن حركها كرّه ولا تبطل صلاته فى الأصحّ
17. Nendeun 2 leungeun dina luhureun dua pingping dina waktu diuk karana rek tahiyyat awal jeung tahiyyat akhir, halna ngabeberkeun musholli kana lengeun ( ramonaramona ) anu kenca kalawan sakira-kira meneran naon pirang-pirang tungtung ramo lengeunna kana tuurna jeung ngepeulkeun musholli kana ramo-ramo lengeun anu katuhu kajaba ramo curuk halna tetep tina lengeun katuhuna maka ulah ngeupeulkeun musholli kana curuk maka saestuna musholli eta isyaroh ( nunjuk ) kueta curuk halna ngacungkeun kana curuk dina tingkah ayana musholli eta maca syahadat jeung ari eta isyaroh ( nunjuk ) nalika macana musholli kana lafadz “ ILLALLOH “ jeung ulah ngarobah-robah musholli kana curuk maka dimakruhkeun lamun ngarobah-robah musholli kana curuk jeung hanteu batal naon sholatna musholli ceuk wajah Ashoh.
والثامن عشر الافتراش في جميع الجلسات وهي أن يجلس الشخص على كعب اليسرى جاعلا ظهرها للأرض وينصب قدمه اليمنى ويضع بالأرض أطراف أصابعها لجهّة القبلة ،
18. diuk iftirosy dina sakabeh pirang-pirang tingkah diuk
Jeung ari ngaran diuk iftirosy eta yen diuk saha hiji jalma kana keneungna suku anu belah kenca bari ngajadikeun kana tonggongna suku anu belah kenca kana bumi jeung nangtungkeun musholli kana dampal sukuna musholli anu katuhu jeung neundeun musholli kana bumi kana tungtung pirang-pirang ramo sukuna anu katuhu kana jihat qiblat.
والتاسع عشر التورك في الجلسة الأخيرة وهي المصلّىُ يخرج يساره وينصب قدمه اليمنى ويضع بالأرض أطراف أصابعها لجهّة القبلة ،
19.diuk tawarruk dina tingkah diuk anu akhir
Jeung ari ngaran diuk tawarruk eta musholli ngaluarkeun musholli ( jalma anu sholat ) kana suku kencana musholli jeung nangtungkeun musholli kana dampal sukuna musholli anu katuhu jeung neundeun musholli kana bumi kana tungtung pirang-pirang ramo sukuna anu katuhu kana jihat qiblat
والعشرون التسليمة الثانية
20.aweh salam anu kadua

TENTANG SUNAT AB`AB DALAM SHALAT

فصل) فى بيان أبعاض الصلاة
Ari ieu eta hiji fasal halna tetep dina mertelakeun pirang-pirang Sunat Ab`adna migawe sholat

وأمّا الأبعاض هي الأفعال المسنونة فى الصلاة ومن ترك شيئا من الأبعاض عمدا او سهوا فالسّنّة له أن يسجد للسهو وسجود السهو سنّة ومحلـّه قبل السلام عند الشافعى والحنبلى وعند الحنفى والمالك وهو بعد السلام
Anapon ari ngaran Sunat Ab`ad nyaeta pirang-pirang pagawean anu disunatkeun di jero sholat, jeung saha-saha jalma anu ninggalkeun eta jalma kana hiji perkara tina sapalihna sunat ab`ad halna ngahaja atawa poho maka ari sunatna ka itu jalma eta yen sujud jalma kana sujud sahwi ( karana poho ). Jeung ari sujud sahwi eta sunnah hukumna jeung ari tempatna sujud sahwi eta dina samemeh aweh salam numutkeun imam syafi`i sareung imam hambali sedengkeun numutkeun imam abi hanifah sareung imam maliki eta sa atos aweh salam.
إعلم أنّ الأبعاض الصلاة بالإجمال ثمانية : الأوّل القيام للقنوت ، والثاني القنوت ، والثالث الصلاة على النبي صلى الله عليه وسلم فيه ، والرابع الصلاة على آله صلى الله عليه وسلم فيه ، والخامس القعود للتشهد الأول ، والسادس التشهد الأول ، والسابع الصلاة على النبي صلى الله عليه وسلم فيه ، والثامن الصلاة على آله صلى الله علي وسلم في تشهد الأخر
Kanyahokeun ku anjeun kana saestuna Sunat Ab`ad sholat sacara ringkeus ( ijmal ) eta aya 8 :
1. Nangtung pikeun qunut
2. Maca doa qunut
3. Maca sholawat ka kangjeung Nabi Muhammad Saw.
dijero qunut
4. Maca sholawat ka kulawargi Kangjeung Nabi Saw.
dijero qunut
5. Diuk pikeun tahiyyat awal
6. Maca tahiyyat awal
7. Maca sholawat ka kangjeung Nabi Muhammad Saw.
dijero tahiyyat awal
8. Maca sholawat ka kulawargi Kangjeung Nabi Saw. Dina tahiyyat akhir


وأمّا بالتفصيل فهي عشرون ففي القنوت منها أربعة عشر وهي الأوّل القيام للقنوت ، والثاني القنوت ، والثالث الصلاة على النبي ، والرابع القيام فيه ، والخامس السلام على النبي ، والسادس القيام فيه ، والسابع الصلاة على الآل النبي ، والثامن القيام فيه ، والتاسع السلام على الآل النبي ، والعاشر القيام فيه ، والحادي عشر الصلاة على الصحب النبي ، والثاني عشر القيام فيه ، والثالث عشر السلام على الصحب النبي ، والرابع عشر القيام فيه
Anapon Sacara rinci ( tafsil ) na maka ari sunat ab`ad eta aya 20 :
Maka eta tetep dina qunut tina anu 20 ari 14 ab`ad nyaeta :
1. Nangtung pikeun Qunut
2. Maca doa Qunut
3. Maca Sholawat ka kangjeung Nabi Muhammad Saw.
4. Nangtung dina maca Sholawat ka kangjeung Nabi Saw.
5. Maca Salam ka kangjeung Nabi Muhammad Saw.
6. Nangtung dina maca Salam ka kangjeung Nabi Saw.
7.Maca sholawat ka wargina Nabi Saw.
8. Nangtung dina maca sholawat ka wargina Nabi Saw.
9. Maca salam ka wargina Nabi Saw.
10. Nangtung dina maca salam ka wargina Nabi Saw.
11. Maca sholawat ka shohabat Nabi Saw.
12. Nangtung dina maca sholawat ka shohabat Nabi Saw.
13. Maca salam ka shohabat Nabi Saw.
14. Nangtung dina maca salam ka shohabat Nabi Saw.

وفى التشهّد ستة وهي : الأوّل القعود للتشهد الأول ، والثاني التشهد الأول ، والثالث الصلاة على النبي فيه ، والرابع القعود فيه ، والخامس الصلاة على الآل النبي في تشهد الأخر ، والسادس القعود فيه

Jeung eta tetep dina Tahiyyat awal ari 6 ab`ad nyaeta :
1. Diuk pikeun tahiyyat awal
2. Maca tahiyyat awal
3. Maca Sholawat ka kangjeung Nabi dina tahiyyat awal
4. Diuk dina maca sholawat ka kangjeung Nabi Saw.
5. Maca Sholawat ka wargina Nabi Saw. Dina tahiyyat akhir
6. Diuk dina maca sholawat ka wargina Nabi Saw. Dina
tahiyyat akhir

RUKUN-RUKUN SHALAT


فصل ) فى بيان أركان صحّة الصلاة


Ari ieu eta hiji fasal halna tetep dina mertelakeun pirang-pirang Rukun sahna migawe sholat
والأركان جمع ركن وهو عرفا ما تتوقــّـف عليه صحّة الشيئ وهو جزء منه
Jeung ari lafadz Arkanun eta jama taktsir tina lafadz ruknun, jeung ari ngaran rukun mungguh adat eta perkara anu tawaquf kana eta perkara naon sahna hiji perkara bari ari eta perkara eta hiji juz tina eta perkara.
إعلم أنّ الأركان الصلاة ثمانية عشر ركنا : الأوّل القيام على القادر في الفرض ، والثاني النّـيّة فى القلب ، والثالث تكبيرة الإحرام ، والرابع قراءة الفاتحة و بسم الله الرحمان الرحيم آية منها ، والخامس الركوع ، والسادس الطمأنينة فية ، والسابع الإعتدال ، والثامن الطمأنينة فيه ، والتاسع السجود مرّتين فى كلّ ركعة ، والعاشر الطمأنينة فية ، والحادي عشر الجلوس بين السجدتين ، والثاني عشر الطمأنينة فية ، والثالث عشر الجلوس الأخير ، والرابع عشر التشهّد فيه ، والخامس عشر : الصلاة على النبي صلى الله عليه وسلم فيه ، والسادس عشر التسليمة الأولى ، والسابع عشر نيّة الخروج من الصلاة ، والثامن عشر ترتيب الأركان على هذا الوجه المذكور .
Kanyahokeun ku anjeun kana saestuna pirang-pirang Rukun Sholat eta aya 18 rukun :
1. Nangtung kajalma anu kawasa dina sholat Fardhu
2. Niat dijero hate
3. Takbir ngaharamkeun kana anu halal
4. Maca Al- Fatihah jeung ari lafazd Basmallah eta saayat tina sapalihna surat Al-Fatihah
5. Ruku`
6. Cicing sakeudeung dina ruku`
7. I`tidal
8. Cicing sakeudeung dina I`tidal
9. Sujud kalawan dua kali dina saban-saban roka`at
10. Cicing sakeudeung dina eta sujud
11. Diuk diantara dua kali sujud
12. Cicing sakeudeung dina diuk diantara dua kali sujud
13. Diuk anu akhir
14. Maca Tahiyyat akhir dina eta diuk anu akhir
15. Maca Sholawat ka Nabi Saw. Dina diuk anu akhir
16. Aweh salam anu kahiji ( kakatuhu )
17. Niat kaluar ( beres ) tina sholat
18. Nartibkeun pirang-pirang rukun neteupan kana ieu wajah anu ditutur.

SYARAT SAH-NYA SHALAT

فصل) فى بيان شرائط صحّة الصلاة
Ari ieu eta hiji fasal halna tetep dina mertelakeun pirang-pirang Syarat sahna migawe sholat

فالشروط جمع شرط وهو لغة العلامة وشرعا ما يلزم من عدمه عدم الصحّة وليس بركن
Maka ari lafadz Syuruuthun eta jama` taktsir tina lafadz Syurthun , jeung ari ngaran Syarat mungguh Lughot eta kadar-kadar ciri jeung ari ngaran Syarat mungguh Syara` eta perkara anu misti tina euweuhna eta perkara naon hanteu sahna jeung lain eta syarat eta rukun.

إعلم أنّ الشروط الصلاة ثانية عشر شرطا : الأوّل الإسلام ، والثاني العقـل ، والثالث البلوغ ، والرابع ستر العورة ، والخامس الوقوف على مكان طاهر ، والسادس طهارة الحدثين أى من الحدث الأكبر أو الأصغرعند القدرة ، والسابع الطهارة عن النجاسة فى الثوب والبدن والمكان ، والثامن معرفة دخول الوقت يقينا أو ظنّا ، والتاسع إستقبال القبلة ، والعاشر العلم بفريضتها ، والحادي عشر أن لايعتقد فرضا من فروضها سنة ، والثاني عشر اجتناب المبطلات كتطويل ركن قصير عمدا
Kanyahokeun ku anjeun kana saestuna pirang-pirang Syarat Sholat eta aya 12 syarat :
1. Islam
2. Boga Akal
3. Balegh
4. Nutupan orat
5. Cicing dina tempat anu suci
6. Suci tina dua hadats ( tegesna suci tina hadats geude
atawa leutik nalika kawasa nyucikeunnana )
7. Suci tina najis dina pakean, badan jeung tempat
sholatna
8. Nganyahokeun asupna waktu halna yaqin atawa zhon
9. Nanghareup ka Qiblat
10.Nyaho kana kafardhuannana sholat
11.Yen ulah nekadkeun si jalma kana fardhu anu tetep tina pirang-pirang
fardhuna sholat kana sunat ( tegesna bisa ngabedakeun mana rukun
jeung mana sunnatna sholat )
12. Ngajauhan kana pirang-pirang anu matak ngabatalkeun kana sholat
saperti manjangkeun rukun anu pondok halna ngahaja.

,,,

Banner

BIODATAKU

Foto saya
Cimahi, Jawabarat, Indonesia
TOKO BESI & BAHAN BANGUNAN ALAMAT PUSAT : JL.SINDANGSARI BARAT NO44 KOTA CIMAHI TELP.022 6043072 ALAMAT CABANG : JL.SITUGUNTING BARAT 1 KOTA BANDUNG TELP. 022 95721205

...



مُقَدِّمَةٌ

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِى بِنُوْرِجَمَالِهِ أَضَاءَ قُلُوْبَ اْلعَارِفِيْنَ وَبِهَيْـبَةِ جَلَالِهِ أَحْرَقَ فُؤَادَ ْالعَاشِقِيْنَ وَبِلَطَائِفِ عِنَايَـتِهِ عَمَّرَ سِرَّ ْالوَاصِلِيْنَ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ أَبَدًا عَلىَ خَيْرِ خَلْقِهِ سَيِّدِنَامحَُمَّدٍ خَاتِمِ اْلأَنْبِيَاءِ وَاْلمُرْسَلِيْنَ وَذِى الشَّفَاعَةِ ْالعَظِيْمِ وَقَائِدِ ْالغُرِّ ْالمُحَجَلِيْنَ وَعَلَى آلِهِ وَ سَائِرِ اْلأَنْبِيَاءِ وَاْلمُرْسَلِيْنَ وَاْلمَلَائِكَةِ ْالمُقَرَّبِيْنَ وَاْلأَصْحَابِهِ وَالشُّهَدَائِهِ وَْالعُلَمَائِهِ ْالعَامِلِيْنَ وَاْلأَوْلِيَائِهِ صَلَوَاتُ اللهُ وَسَلَامُهُ عَلَيْهِمْ أَجْمَعِيْنَ ... آمِيْنَ
MUKADDIMAH

Segala jenis puji hanya milik Allah yang menyinari hati orang-orang mengetahui Rabb-Nya, dengan cahaya kecantikan-Nya. Membakar hati orang yang asyik merindukan-Nya, dengan kehebatan kemulian-Nya. Memakmurkan rahasia orang-orang yang menjadi penghubung ke jalan-Nya, dengan pertolongan-Nya yang lemah -lembut. Shalawat dan salam ِselamanya kepada makhluknya yang terbaik, pemimpin kami Qiblatuna Muhammad Saw. Penutup para Nabi dan Rosul yang memiliki Syafaat Uzhma dan pemimpin para hamba yang cemerlang dan shalawat serta salam ِselamanya kepada keluarganya. Begitu juga kepada seluruh para Nabi dan rasul, para malaikat muqarrobin, para sahabatnya, syuhadanya, para u`lamanya yang mengamalkan ilmunya dan para walinya. Salawat Allah dan salam-Nya kepada mereka semua.Aaaaaamiiiin.