Selasa, 31 Agustus 2010
Batal-Batalna Sholat
Perkara anu ngabatalkeun kana sholat eta aya 20 :
1. Hadats gede atawa hadats leutik naha dihaja atawa hanteu dihaja
2. Papanggihna najis anu hanteu di ma`fu ( dihampura ) naha baseuh atawa garing dina pakeanna atawa badanna kalayan hanteu aya ngaleungitkeun saharita
3. Ngahaja muka orat sok sanajan ditutup deui nalika eta, atawa hanteu dihaja namung hanteu langsung ditutup. Anapon lamun muka orat eta hanteu dihaja ( poho ) jeung langsung ditutup mangka sholatna hanteu batal
4. Ngahaja ngomong 2 huruf sok sanajan hanteu mahamkeun atawa sahuruf anu ngamahamkeun salian mangrupa al-qur`an, dzikir jeung doa. Tatapina cariosan anu saeutik nyatana sawateus 6 kalimah atawa leuwih saeutik anu terlanjur tina lisan musholli ( diluar ikhtiyarna ) atawa musholli anu nyarios eta poho yen dirina keur migawe sholat atawa manehna hanteu nyaho yen nyarios dina waktu sholat eta haram jeung manehna kaasup jalma anu ma`dzur ( dihampura ) saperti sabab manehna hirup di pakampungan anu jauh ti u`lama atawa sabab manehna kakara asup islam, mangka sakabeh eta hanteu mangaruhan kana shahna sholat dina harti hanteu ngabatalkeun.
5. Pagawean anu loba numutkeun uruf , saperti :
a. 3 lengkah atawa 3 tenggeulan anu tuluy tumuluy, maksadna antara pagawean anu kahiji jeung anu kadua terjadi dina zaman anu kurang tina saroka`at anu gancang. benteun lamun hanteu tuluy-tumuluy, hartina jarak antara pagawean anu kahiji jeung anu kadua sakitar zaman ( lila ) sholat saroka`at mangka hal eta hanteu ngabatalkeun sholat
b. Luncat
c. Ngageurak-geurakkeun sakabeh badan sok sanajan teu mindahkeun dampal suku
6. Ngabalieur tina jihat qiblat, ka katuhu atawa ka kenca sok sanajan kalayan dadana sahingga umpamana musholli dipaksa ku jalma sejen pikeun ngabalieur tina qiblat tuluy manehna langsung balik deui saharita mangka hal eta hanteu ngabatalkeun.
7. Migawe perkara anu ngabatalkeun puasa saperti tuang, ngaleueut sakeudik atawa seueur anu di haja atawa ngasupkeun kai jeung sajinisna tina sungut, ceuli, dubur atawa kana liang anu tembus kana beuteung sok sanajan mung sakeudik jeung kalayan teu aya ngageurak-geurakkeun sungut sabab ngageurak-geurakkeun sungut eta nyalira kaasup pagawean anu lamun loba bisa ngabatalkeun sholat saperti nyapek
8. Dahar jeung nginum anu loba numutkeun uruf dina kaayaan poho yen dirina keur migawe sholat atawa sabab dipaksa jeung atawa sabab manehna hanteu nyaho yen dahar jeung nginum eta haram dina waktu sholat sarta musholli ka asup jalma anu ma`dzur, maksadna manehna kakara asup islam atawa hirupna jauh ti u`lama jadi tina katerangan didieu ( no.8 ) jeung samemehna bisa ditarik kasimpulan yen sadaya anu bisa ngabatalkeun puasa oge bisa ngabatalkeun sholat kajaba dahar jeung nginum anu loba dina kaayaan poho atawa hanteu nyaho kaharamanna jeung atawa dipaksa ( maksadna lamun dina sholat batal sedeng dina puasa hanteu batal ).
Anapon bedana sholat jeung puasa ditingali tina bisa batalna sholat kalayan sabab dahar jeung nginum sedengkeun puasa hanteu batal. nyaeta jalma anu puasa eta hanteu dianggap balangah ( sembrono ) kalayan dahar jeung nginum tadi, sabab dina i`badah puasa eta hanteu aya bentuk pagawean anu bisa ngingeutkeunna kalayan sholat, lamun sholat ngabogaan haiat atawa bentuk rapih saperti takbir, ruku, i`tidal, dsb. Sedeungkeun pagawean anu loba eta bisa megatkeun susunan sholat.
Anapon lamun musholli dahar jeung nginum saeutik eta dina kaayaan poho atawa hanteu nyaho jeung ma`dzur ( kakara asup islam atawa jauh ti u`lama ) mangka sholatna tetep sah , lain halna musholli anu dipaksa pikeun dahar jeung nginum mangka sholatna batal, sabab jarang pisan kajadian pamaksaan dahar atawa nginum nalika sholat.
9. Seuri nyakakak, ceurik, niup, humarurung, ngaduh ( ngomong aduh-aduh ), batuk ngadehem, bersin atawa heuay. Sakabeh eta lamun hanteu kaayaan kapaksa bisa ngabatalkeun sholatlamun tembong kaluar dua huruf tapi lamun dina kaayaan kapaksa jeung nyata tembong perkara huruf namung sakeudik, maksadna lamun di kumpulkeun hanteu leuwih 6 kalimah mangka hal eta hanteu mangaruhan kana sholat. Lain halna lamun niup jeung sajenisna eta tembong jeung ngabentuk huruf anu loba mangka sakabeh eta bisa ngabatalkeun kana sholat, salian ngadehem nalika maca Fatihah atawa tahiyyat akhir, lamun hanteu mungkin maca kaduana kalayan lalaunan anu disababkeun bulghom ( leuleueur ) atawa lianna mangka ngadehem saperti eta sok sanajan tembong jeung ngabentuk huruf anu loba hukumna dihampura
10. Megatkeun Rukun sholat kalayan ngahaja saperti musholli i`tidal samemeh sampurnana ruku` atawa ngahaja sujud samemeh sampurna i`tidal atawa ngahaja diuk pikeun tahiyyat samemeh sampurna sujud anu kadua , tatapina lamun musholli poho tuluy manehna ingeut samemeh migawe rukun anu sarua kalayan rukun anu manehna tinggalkeun tadi, mangka musholli muhareup langsung nyusulan atawa migawe rukun anu kapegat atawa dipigawe kalayan hanteu sampurna tadi . lamun ingeutna sanggeus migawe rukun anu sarua reujeung rukun anu di tinggalkeun tadi dina rokaat berikutna mangka musholli kudu balik deui dina tempatna rukun tadi pikeun migawena kalayan sampurna, sedengkeun pagawean-pagawean diantara dua rukun eta hanteu di anggap atanapi sia-sia bae.
11. Nambah rukun Fi`li ( pagawean ) kalayan ngahaja saperti nambah ruku` atawa sujud pikeun salian ma`mum masbuq sabab turut ma imamna . tapi lamun musholli poho yen manehna migawe pagawean anu sarua reujeung anu geus dipigawe ( di bolak-balik ) mangka sholatna hanteu batal . anapon ngabulak-balik rukun qouli ( ucapan ) salian takbirotul ihrom saperti ngabalikeun deui bacaan fatihah atawa tahiyyat hanteu ngabatalkeun sholat.
12. Ngahaja manjangkeun rukun anu pondok ( rukun anu pondok nyaeta i`tidal jeung diuk diantara 2 sujud ) . watesan manjangkeun nyaeta manjangkeun i`tidal kalayan nambah du`a anu biasa kalaku dina i`tidal sahingga panjangna sarua reujeung perkiraan bacaan fatihah, jeung manjangkeun diuk diantara 2 sujud kalayan nambah dzikir anu geus kalaku sahingga lilana sarua reujeung lilana paling sakeudikna tahiyyat. Namung lamun nambihna dihandap wates-wates di luhur mangka sholatna tetep sah.
13. Ngahaja ma`mum hayang tinggaleun ti imam kalayan dua rukun fi`li kalayan hanteu aya udzur anu ngameunangkeunna
14. Miheulaanna ma`mum ka imam kalayan dua rukun fi`li kalayan hanteu aya udzur jeung dihaja.
15. Murtad nyatana megatkeun islam kalayan omongan atawa pagawean atawa i`tiqod, urang nuhunkeun panyalindungan ka Alloh mudah-mudahan di jauhkeun tina murtad . Aaaaaamiiiin.
16. Tembongna sabagean suku anu ditutupan sapatu atawa beakna waktu meunangna ngusap sapatu sabab batalna sabageab susucina musholli
17. Mangmang dina niat atawa mangmang dina sabagean syarat-syaratna sholat anu aya atawa mangmang ngeunaan naon manehna niat sholat zhuhur atawa ashar jeung waktu mangmangna eta sahingga nepi perkiraan thuma`ninah sarta hal eta kajadian dina waktu sholat. Namung lamun mang-mang eta langsung lengit saharita, mangka sholatna tetep dianggap sah.
18. Niat kaluar tina sholat samemeh sholat, naha kaluar saharita atawa saperti : sapaantos tiasa sarokaat kaula bakal kaluar tina sholat, maka sholatna bakal batal saharita eta oge sakumaha jalma anu niat bakal kufur isuk-isuk, mangka saharita oge manehna jadi kafir.
19. Mangmang dina megatkeun sholat. Jadi salagi musholli mangmang mangka sholatna batal.
20. Mengkolkeun niatna hiji sholat dina sholat anu sejen, naha eta sholat fardhu atawa sholat sunnah.tatapina lamun musholli keur sholat sorangan jeung manehna ningali jalma-jalma anu sholat berjamaah, mangka disunatkeun pikeun musholli tadi pikeun mengkolkeun sholat fardhu kana sholat sunat mutlaq, tujuanna supaya supaya menangkeun fadhillah berjamaah kalayan nuturkeun 6 syarat sakumaha anu bade di tutur :
1. Jelas bakal nuturkeun waktu pikeun nyampurnakeun sholat tadi lamun malikanna deui ti hareup , lamun hanteu mangka haram mengkolkeun sholat tadi.
2. Sholat fardhu anu dipigawe mangrupikeun sholat anu 3atawa 4 rokaat. Sedengkeun sholat anu 2 rokaat hanteu di sunatkeun mengkolkeun bahkan hukumna jawaz ( meunang ) kalayan aleusan sabab sunah mutlaq eta meunang diringkeus sarokaat.
3. Si musholli bakal ngasupan rokaat anu katllu. Jadi lamun musholli geus ngasupan rokaat katilu tina sholat fardhu anu tilu atawa 4 rokaat, mangka hanteu di sunatkeun mengkolkeun bahkan mung meunang.
4. Hanteu mihareup ayana jamaah deui salian jamaah anu geus aya. Jadi lamun mihareup ayana jamaah deui, mangka mengkolkeun niat hanteu disunatkeun bahkan mung kengeng.
5. Imamna hanteu kagolong jalma anu ahli bid`ah ( perkara anyar dina agama ) jadi hanteu disunatkeun mengkolkeun niat fardhu kana sunat lamun imamna ahli bid`ah bahkan hukumna makruh.
6. Sholat anu di pigawe kaasup sholat anu di anjurkeun berjamaah, lamun anu dipigawe nyaeta sholat faitah ( geus liwat waktu ayana ) jeung keur berjamaah kalayan imam anu sholat hadiroh ( aya ) atawa sholat faitah anu hanteu sajenis, mangka hanteu meunag mengkolkeun niat faitahna dina sholat sunah.tatapina lamun jamaah anu rek dituturkeun nyaeta sarua faitah anu sajenis saperti sholat zduhur kalayan sholat zhuhur atawa sholat ashar kalayan sholat ashar mangka meunang mengkolkeun sholatna salagi sholat faitah anu dipigawena eta hanteu wajib qodho` kalayan gancang, tatapina lamun faitah eta wajib dipigawe gancang mangka haram mengkolkeunna.lamun musholli dina waktu migawe sholat faitah hawatir tinggaleun migawe sholat hadiroh mangka hukumna wajib mengkolkeun tina sholat faitah dina sholat sunah.
Tina uraian diluhur bisa dikanyahokeun yen ngabalikeun atawa mengkolkeun sholat fardhu dina sholat nafl ( sunah ) terkadang hukumna sunat,haram, makruh jeung jawaz ( meunang )
( Tanwirul Qulub hal.147 nepika 150 )
Makruh-Makruh Sholat
1. Ngasupkeun dua leungeun kajero baju nalika takbirotul ihrom, sujud jeung ruku` sabab bisa
ngeuweuhkeun kana handap asor ( kamakruhan ieu khusus pikeun lalaki )
2. Ngalieuk kalayan teu aya pangabutuh ( Hajat ) sabab dumasar kana hadits bukhori katampi ti sitti A`isyah ra. Kantos ngadawuh :
Rosululloh saw, ngawaleur : ngalieuk dina sholat ngandung harti jalma anu migawena geus
dicopet konsentrasina ku syetan.”
3. Mere isyarat anu mahamkeun kalayan hanteu aya hajat saperti isyarat kalayan soca, halis atawa
biwir sok sanajan jalma pireu, bahkan numutkeun sapalih u`lama isyarat kalayan halis atawa biwir bisa ngabatalkeun sholat . isyarat anu dihukuman makruh ieu lamun teu aya unsur heureuy, jadi lamun heureuy mangka sholatna batal , lain halna lamun aya hajat saperti ngawaleur salam maka isyarat anu samodel kitu hanteu di hukuman makruh.
4. Narikeun sora dina sholat anu sakuduna hanteu ditarikeun ( lalaunan ) atawa sabalikna jeung
atawa narikeun sora ditukangeun imam sabab sakabeh eta patojaiyah jeung sunnah Nabi Saw.
5. Melak cangkeng ( ikhtishor ) maksadna nyimpeun lengeun dina cangkeng sabab aya larangan dina hadits bukhori muslim
6. Gagancangan dina migawe sholat sabab hal eta bisa ngaleungitkeun kakhusyuan
7. Mereumkeun panon sabab pagawean urang yahudi
8. Neupungkeun 2 leungeun kana kekemplong nalika ruku`jeung sujud atawa nepungkeun beuteung kana 2 pingping nalika ruku` jeung sujud sabab patojaiyah rejeung sunnah Nabi saw.
9. Diuk Iq`a ( cingogo ) saperti cingogona gogog maksudna diuk kalayan 2 bujurna ( imbit ) sabari ngajeugkeun dua tuurna sabab aya larangan hadits anu diriwayatkeun ku imam Hakim.
10. Sujud saperti manuk gagak nalika macokan kadaharan maksadna nimpeun tarang di luhur tempat sholat nalika sujud kalayan gagancangan , hal eta bisa ngaleungitkeun khusyu`
11. Meberkeun leungeun sakumaha anu dilakonan ku sato galak, maksadna nyimpeun dua lengeun bagean handap di luhur bumi dina waktu sujud , sabab aya larangan hadits muslim
12. Nempatan hiji tempat salian imam di mihrobna
13. Leuleuwiheun dina nurunkeun sirah nalika ruku`
14. Ngalamikeun tahiyyat awwal
15. Nyimpeun bagean tengahna solendang ( rida ) dihandap punduk katuhu sedeungkeun dua tungtungna aya diluhur punduk anu kenca
16. Nyilangkeun ramo-ramo hartina ngasupkeun ramo-ramo leungeun katuhu di sela-sela ramo anu kenca
17. Nurunkeun sarung sahingga anteul kana bumi
18. Sholat sabari nahan kahampangan, ngising jeung hitut
19. Sholat nalika kadaharan disayagikeun atawa dideukeutna kadaharan anu dipikahayang
20. Hanteu maca surat dina 2 rokaat kahiji tina saban sholat
21. Hanteu ngucapkeun takbir intiqol ( takbir nalika pindah tina hiji rukun kana rukun anu sejen )
22. Hanteu maca dzikirna ruku` i`tidal, sujud jeung diuk diantara dua sujud
23. Ngaleuwihan wateus thumaninah nalika diuk istirahat
24. Ninggalkeun bacaan doa`doa anu aya dina tahiyyat akhir
25. Nyiduh ka jihat hareup atawa ka katuhu sok sanajan diluar sholat , tapi lamun hanteu nyanghareup kiblat jeung aya diluar sholat, mangka nyiduh ka jihat hareup hanteu makruh. Makruhna nyiduh ieu lamun diluar masjid, jeung lamun di jero masjid, mangka haram halna mutlaq. Cara nyiduh di jero masjid eta diciduhkeun kana bagean pakeanna
26. Ngagulungkeun leungeun baju atawa ngagulungkeun pakean.
27. Ngusap raray dina waktu sholat jeung saeunggeusna.
28. Sholat di tempat mandi sok sanajan dibagean tempat ngaleupaskeun pakean
29. Sholat di jalan, pasar, kuburan, ditempat sajenis kandang, gereja jeung nalika bangeut tunduh
( no. 1s/p 17 Thuhfatut thullab hal.25 no.18s/p29 Tanwirul Qulub hal.146-147 )
Sabtu, 14 Agustus 2010
TENTANG SUNAT HAI`AT DI DALAM SHALAT
TENTANG SUNAT AB`AB DALAM SHALAT
1. Nangtung pikeun qunut
2. Maca doa qunut
3. Maca sholawat ka kangjeung Nabi Muhammad Saw.
dijero qunut
4. Maca sholawat ka kulawargi Kangjeung Nabi Saw.
dijero qunut
5. Diuk pikeun tahiyyat awal
6. Maca tahiyyat awal
7. Maca sholawat ka kangjeung Nabi Muhammad Saw.
dijero tahiyyat awal
8. Maca sholawat ka kulawargi Kangjeung Nabi Saw. Dina tahiyyat akhir
Maka eta tetep dina qunut tina anu 20 ari 14 ab`ad nyaeta :
1. Nangtung pikeun Qunut
2. Maca doa Qunut
3. Maca Sholawat ka kangjeung Nabi Muhammad Saw.
4. Nangtung dina maca Sholawat ka kangjeung Nabi Saw.
5. Maca Salam ka kangjeung Nabi Muhammad Saw.
6. Nangtung dina maca Salam ka kangjeung Nabi Saw.
7.Maca sholawat ka wargina Nabi Saw.
8. Nangtung dina maca sholawat ka wargina Nabi Saw.
9. Maca salam ka wargina Nabi Saw.
10. Nangtung dina maca salam ka wargina Nabi Saw.
11. Maca sholawat ka shohabat Nabi Saw.
12. Nangtung dina maca sholawat ka shohabat Nabi Saw.
13. Maca salam ka shohabat Nabi Saw.
14. Nangtung dina maca salam ka shohabat Nabi Saw.
Jeung eta tetep dina Tahiyyat awal ari 6 ab`ad nyaeta :
1. Diuk pikeun tahiyyat awal
2. Maca tahiyyat awal
3. Maca Sholawat ka kangjeung Nabi dina tahiyyat awal
4. Diuk dina maca sholawat ka kangjeung Nabi Saw.
5. Maca Sholawat ka wargina Nabi Saw. Dina tahiyyat akhir
6. Diuk dina maca sholawat ka wargina Nabi Saw. Dina
tahiyyat akhir
RUKUN-RUKUN SHALAT
SYARAT SAH-NYA SHALAT
1. Islam
2. Boga Akal
3. Balegh
4. Nutupan orat
5. Cicing dina tempat anu suci
6. Suci tina dua hadats ( tegesna suci tina hadats geude
atawa leutik nalika kawasa nyucikeunnana )
7. Suci tina najis dina pakean, badan jeung tempat
sholatna
8. Nganyahokeun asupna waktu halna yaqin atawa zhon
9. Nanghareup ka Qiblat
10.Nyaho kana kafardhuannana sholat
11.Yen ulah nekadkeun si jalma kana fardhu anu tetep tina pirang-pirang
fardhuna sholat kana sunat ( tegesna bisa ngabedakeun mana rukun
jeung mana sunnatna sholat )
12. Ngajauhan kana pirang-pirang anu matak ngabatalkeun kana sholat
saperti manjangkeun rukun anu pondok halna ngahaja.
SYARAT DI TERIMANYA SHALAT
Jeung disyaratkeun sarta perkara anu kaliwat ieu perkara halna teteup tina pirang-pirang syarat kana ditarimana sholat tegesna sholat mungguh Alloh anu maha suci Alloh Ta`alla sarta maha luhur Alloh Ta`alla naon yen neja musholli ku eta sholat
1. Ikhlas karana dzat Alloh Swt.
Tegesna dzatna Alloh halna sahiji ieu Alloh Ta`alla , lain karana kasengsrem dina ganjaran di surga jeung lain karana kabur tina siksana Alloh jeung sieun tina naraka balik karana ayana Alloh anu maha luhur eta Pangeran musholli jeung ari musholli eta abdina Alloh Ta`alla atawa yen neangan musholli kalawan sholat kana ganjaran jeung kana surga atawa sieun musholli tina disiksa ku naraka atawa yen hayang jadi mulya musholli ku itu sholat jeung cumantel musholli ka Alloh Ta`alla maka ari darajat anu kahiji eta pangluhurna pirang-pirang darajatna ikhlas. Jeung ari anu kadua atawa pertengahannana darajat jeung ari katiluna eta panghandapna darajat.maka eta satukangeunnana ka tilu ari riya jeung hayang kadenge kubatur.
2. yen aya kadaharannana musholli jeung anu dipakena ku musholli jeung tempat sholatna musholli eta kudu halal.
Sareung parantos ngadawuh Kangjeung Nabi Saw. :
“ Saha-saha jalma anu sholat ieu jalma dina hiji pakean kalawan harga 10 dirham jeung eta teteup dina 10 dirham ari sadirham anu teuteup tina barang anu haram maka moal ditarima itu jalma naon sholatna .” ( ngariwayatkeun kana hadits saha imam Ahmad )
Parantos ngadawuh saha Ibnu Mas`ud ra. :
“ Hanteu pati-pati kumpul naon halal jeung haram anging ngalindih /ngelehkeun naon anu haram kana halal.”
Tos ngadawuh saha Imam Sahal ra. :
“ Saha-saha jalma anu hanteu bukti naon kadaharannana itu musholli eta tina barang halal maka moal dibukakeun tina hatena itu jalma naon hahalangna jeung gancang ka eta jalma naon pirang-pirang siksa jeung teu mangfa`at ka itu jalma naon sholatna itu jalma jeung teu mangfaat puasana itu jalma jeung teu mangfaat shodaqohna itu jalma.”
Jeung parantos ngadawuh saha Syeh A`li Syadzili ra. :
“ Saha-saha jalma anu ngadahar eta jalma kana perkara Halal maka leuleus naon hatena itu jalma tegesna leleus hatena jeung caang hatena jeung saeutik naon sarena itu jalma jeung teu dihalangan ieu jalma tina dzat hadhrohna Alloh anu maha luhur jeung saha-saha jalma anu ngadahar ieu jalma kana liyan barang halal maka teuas naon hatena ieu jalma jeung keras itu hatena jeung poek hatena jeung dihalangan itu jalma tina dzatna Alloh Ta`alla anu maha luhur jeung matak loba naon sarena itu jalma.”
Jeung parantos ngadawuh Syeh `Ali Khowwash ra. :
“ saha-saha jalma anu ngadahar itu jalma kana barang haram jeung mayeungkeun itu jalma kana ibadah maka ari itu jalma eta cara japati anu nyileumleumman ieu japati kana endog anu ruksak/kacingcalang maka ari itu japati nyapekeun ieu japati kana awakna japati dina salilana tuteup nyileumleum hanteu megarkeun itu japati kana naon-naon balik kaluar ieu endog halna bau buruk/kacingcalang.”
3. yen ngahadirkeun naon hatena musholli dina sholat
Maka saestuna hadirna hate eta ari hadhirna hate eta ruhna sholat sacara yen ngadawuh Kangjeung Nabi saw. :
“ Saha-saha jalma anu hanteu nyegah ka eta jalma naon sholatna jalma tina migawe goreng jeung mungkar mangka hanteu tambah-tambah itu jalma ti Alloh Ta`alla naonnana anging jauh tina rohmat Alloh Ta`alla.”
Tos ngadawuh saha Imam Ghozali ra. :
“ Ari sholat malaweung /poho eta teu nyegah sholat tina migawe goreng jeung migawe mungkar .”
Sareung ngadawuh Kangjeung Nabi Saw. :
“ Ari loba pisan jalma anu sholat eta ari bagiannana anu sholat tina sholatna itu anu sholat eta wungkul payah jeung cape.”
Parantos ngadawuh saha Imam Ghozali ra. :
“ Hanteu ngersakeun Kangjeung Nabi saw. kalawan eta lafazh Qooim /anu sholat anging ka jalma anu lali sholatna.”
Jeung diriwayatkeun ti hasan naona saestuna hasan eta ngadawuh Hasan ra. :
“ Ari sakur-sakur sholat anu hanteu hadhir dina sholatna naon hate maka eta ari sholat kana siksaannana eta leuwih gancang .”
4. maka teu aya eta teuteup ka musholli tegesna jalma anu sholat halna teuteup tina sholatna musholli naon anging sholat anu mikir musholli kana perkara , kalawan fathah pirang-pirang harafna lafaz A`qola anu tilu harafna tegesna mikir-mikr musholli jeung nyahoeun/paham musholli tina sholat tegesna tina sholat.
Parantos ngadawuh Kangjeung Nabi Saw. :
“ Hanteu aya eta teuteup ka si abdi halna teuteup tina sholatna abdi naon anging sholat anu mikir-mikir abdi kana perkara tina sholat. “
Sareung parantos ngadawuh Kangjeung Nabi saw. :
“ Saestuna si abdi eta yaqin sholat ieu abdi kana sholat halna hanteu dituliskeun pikeun abdi naon sapergenepna sholat jeung teu dituliskeun saperpuluh sholat jeung pastina dituliskeun pikeun si abdi halna teuteup tina sholatna abdi naon sholat anu mikir-mikir si abdi tina sholatna.”
5. Yen ulah ujub musholli kalawan sholatna
Maka ari ngagetkeun kalawan sholat eta ari ngageutkeun eta yen ningalikeun musholli saestuna musholli eta ngahaq musholli kana ganjaran jeung kasurga ku itu sholat balik misti naon yen ningalikeun mushollli saestuna musholli eta ngahaq musholli kana disiksa ku naraka kalawan sae pirang-pirang amalna musholli halna teuteup di musholli kalawan ngaleuwihan tina gorengna pirang-pirang amalna karana perkara anu nyaksian musholli kana perkara dina sae pirang-pirang amalna halna teuteup tina goreng adab sarta Alloh anu maha luhur jeung yaqin nyata ka warid naon saestuna Kangjeung Nabi Isa eta teuteup ka Nabi Isa ari rohmat Allah sareung kasalameutan eta aya di Isa as. Eta ngadawuh Isa as. :
“ Loba pisan tina lampu /damar anu mareuman kana lampu naon angin jeung loba pisan tina ibadah yaqin ngaruksak kana ibadah naon ujub. “